BANDERA URAN Ngerab Ngerab katebak angin Beureum bodas matak waas Dua warna pulas polos Perlambang wangi tur suci Teguh tangguh tur tangguh Dina perang tarung Suka rajet batan ngetat Kajeun lebur naruhkeun peti Bumela ka negara
BUDAK SAKTI Budak leutik bisa ngapung Jangjangna kulit salapis Hiberna di langit peting Ludeng ngambah jomantara Disadana ting karoceak Karesep na bubuahan Nu amis semukareut Budak leutik bisa ngapung Budak anu kacida sakti Nu kitu naon ngarana